Langsung ke konten utama

Postingan

Menampilkan postingan dari Oktober 3, 2014

Contoh Fiksi Mini Bahasa Sunda: GELENYU KURING

Pangaosan malem Sabtu ayeuna téh? Enya, tuh Ustadz Umar tos muka dakwahna. Ngamumulé tina muqadimah terus maju kana eusi, kacindekan, tuluy panutup. Kuring merhatikeun kalawan daria unggal kecap ogé tingkah nu ku anjeunna lakukeun. Nya kasép, élmu agama boga deuih. Tahh ieu yeuh pisalakieun nu alus keur kuring téh! Pas manéhna kaluar, kuring susuruntul nuturkeun. Paduli teuing suku si Santi katijek gé.. Barang amprok, kuring seuri ngagelenyu ka Ustadz kasép. Tapi naha teu ngarérét-rérét acan?! Padahal kuring geus maké lipensetip anyar! Bedak gé teu kurang kandel kumaha! Barang ninggali kaca masjid, kuring ngahuleng. Ahh, enya kétang.. Pan kuring téh maké cadar..

Contoh Fiksi Mini Bahsa Sunda: Nu Geus Konvoi

Pas kuring datang, kasampak si Dodi keur saré kénéh. Naha ari ieu budak kana saré téh? "Dod hudang! Tingali panon poé geus moncorong! Ari ieu kalah saré!" , teu némbalan. Rét kana érloji, geus jam 8. "Ari manéh torék atawa naon? Teu sopan pisan kanu jadi bapa téh! Ohh.. Capé geus konvoi? Alesan! Batur mah ngalamar kuliah, ari ieu kalah saré! Hudang Dodi! Hudaaannggg!!" Indungna nyampeurkeun, tuluy nangkeup kuring, "istighfar pa! Sadar! Dodi mah tos tenang di alam kalanggengan!" Kuring jempé. Terus ngeukeupan nisan.

Contoh Fiksi Mini Bahasa Sunda: HADIAH TEPUNG TAUN

"Wilujeng tepang taun, Ummi.." , lilin ditiup. Celengok-celengok, pipi kénca-katuhu diciuman. Bray kado dibuka. Euleuh, tipi kaluaran anyar! "Alah Abbi, meni ngarérépot! Pasti mahal.." "Teu nanaon Ummi, ieu téh ladang Abbi ngirit 3 bulan! Nu teu penting mah tara dibayar.." Paingan tara ngajakan piknik deui, pan biasana mah osok unggal minggu. Ahh , meni kayungyung boga salaki téh.. Teu lila, tipi dipasang. Cetrék. Reup. Éh naha teu hurung? Kalah lampu gé pareum! Ngajebrét kitu? Piraku. Pan masang daya gedé! Naha nya? "Salah sahiji nu sur Abbi teu penting téh, mayar listrik.."

Conto Fiksi Mini Bahasa Sunda: MANTAN

Asa ngageter haté téh basa ningali ngaran anjeun nu nga-sms kuring. Naha aya naon? Teu gugur teu angin jol-ojol ngajak ketemuan. Naha anjeun téh bogoh deui ka kuring jiga kuring nu teu bisa mohokeun anjeun? Enya sanajan kuring ayeuna geus boga pisalakieun, angger wé haté téh saban poé inget ka anjeun! Enya, jigana anjeun bogoh kénéh ka kuring! Ieu gening ngajak ketemuan téh di tempat baheula sok panggih! Ah, ieu haté asa beuki teu puguh basa anjeun ngagupaya n. Asa kasép ari maké jas mah! Gék diuk. Song sasalaman. Ieu pipi jigana geus asak! Teu lila, torojol awéwé geulis nyampeurkeun, ari pok téh anjeun ngaharéwosan kuring, "Lis, pangmeunteunkeun, calon pamajikan!"

Contoh Fiksi Mini Bahasa Sunda: DANGDAN

Alah, ieu buuk bondingna geus béak.. Baé! Ngoloyong ka tengah imah, istrika dicokot, lédak-lédak, bérés! Bedak ogé béak.. Keun! Ngoloyong ka dapur. Nyokot aci. Lédakeun. Eye liner! Ngiciprit ka hawu. Areng dipulaskeun. Eye shadow? Ngoloyong ka pipir. Batu bata diréndos. Pulaskeun. Blash on! Ngalacat naék kana kenténg. Péprék. Tetelkeun. Garis halis? Aya sésa areng.. Asa aya nu kurang.. Éh enya, lip stickna acan..! Laci dibuka. Jarum pentul dibawa. Gejos, curuk pamajikan ditojos, diulaskeun. "Mah, bapa mangkal heula!"

Contoh Fiksi Mini Bahasa Indonesia: Tentang Lamaran

Sudah lama aku mengincar Pak Haryono untuk menjadi suamiku. Namun ternyata, dia sudah beristri dan memiliki satu orang putri berusia 3 tahun. Jujur saja hatiku remuk. Tapi tak apalah.. Aku akan tetap berusaha mendapatkannya. Akhirnya aku mendapat celah dari kekurangan istri Pak Haryono. Ia tak dapat mengurus anaknya dengan baik. Maka aku terus mendekati putrinya hingga mereka pernah bertengkar hebat. Dan hari ini, aku dipangil ke ruangannya. Aku yakin, Bapak akan segera menceraikan istrinya dan memilihku yang jelas-jelas bisa mengurus putrinya. "Hani," Ujarnya padaku.. "Kamu tahukan saya sering bertengkar dengan Bu Diana gara-gara ia tak bisa mengurus Putri?" "Iya Pak.." Jawabku mantap. Lanjutkan pakk!!! Bapak mau melamar saya 'kan? "Maka dari itu.. Apa kamu bersedia? Menjadi... " Dalam hati aku menjawab, iya Pak! Saya bersedia menjadi istri Bapak!! "Is.. Eh, baby sitter Putri? Saya akan naikkan gaji kamu menjadi dua kali lipat!&