Langsung ke konten utama

Postingan

Menampilkan postingan dari Mei 21, 2019

Fikmin Sunda: Lain Pameget Baik-Baik

"Réuni téh bet tanggal kolot, apal lokét geus engap-engapan." Réni nyelewegkeun bolu, kuring ukur seuri. "Matakna boga salaki téh nu bageur, kalah nu korét!" Tatang némbalan. "Baé da kasép!" "Heueuh lamotan wé beungeutna, sugan kamerkaan!" "Baé! Batan jadi parawan kolot!" Cai nu keur diinum jol kaluar deui, reuwas. Kuring ohék-ohékan. Tatang nepak Réni méméh méré kuring tisu. Réni hahampuraan. Jol Agus nyampeurkeun, metot ka nu rada sepi. "Teu kunanaon?" Tonggong diusapan, kuring seuri. Inget jaman SMA, mun Réni jeung Tatang paséa, Agus pasti datang nyalametkeun kuring. Baheula kabéh karasa éndah. Ngan ayeuna mah geus béda, manéhna geus boga anak dua. "Geura milari anu sanés.” Leungeun kuring diusapan. Enya da néang lalaki téh jiga meuli ciréng, jol comot-comot! Puguh kuring téh nungguan anjeun kénéh. “Agus sanés pameget baik-baik." Jadi teu asa-asa, kuring metot kerah bajuna laju ngalamot biwirna. Apan cenah la