Langsung ke konten utama

Postingan

Menampilkan postingan dari September 8, 2017

Fikmin Sunda: Mr. Kakapeungan

Cinta Anjeun ka kuring mah kakapeungan. Sakapeung nyaah, nyaah pisan malah katinggalina t é h. Sakapeung deui kalah jiga miceun ka kuring teh, api-api teu kenal. Ih, dasar si pikasebeleun! Sakapeung mun tulisan kuring alus, Anjeun datang, curinghak, mawa lop é saged é badag, mere surat kayas nu é ndah. Tapi mun kuring euweuh, sok tara nanyakeun-nanyakeun acan. Naha teu sono kitu ka mojang geulis kieu? Sakapeung deui mun majar tulisan kuring keur ancur, bororaah m é r é surat! Ku kuring dikiriman surat og é tara dibales! Ih, ku aya nya jelema model kitu? Mun r é k dijauhan, Anjeun nyampeurkeun kawas anak ucing, ngoconan. Mun keur majar kuring cinta, Anjeun les teuing ka mana. Ah, po é ieu mah kuring geus buleud! Lain pasagi, segitilu komo deui kakar é k garis. Pokona kuring po é ieu pisah jeung Anjeun! Tapi, da nya, dasar Mr. Kakapeungan! "Would you marry me?" Anjeun cingogo hareupeun kuring bari ngasongkeun ali. Ah, ingah!