Langsung ke konten utama

Postingan

Menampilkan postingan dari Oktober 4, 2014

Contoh Fiksi Mini Bahasa Sunda: DASTER

Geus ipis, belél, léténg, ah geus lain pakéeun kuduna mah. Tapi jigana mun sapoé waé tina saminggu teu dipaké, matak mawa gering. Padahal kuring jeung salaki remen mang meulikeun baju anyar jang Emah. "Geus lila baju téh nyai.." Pok Emah. "Muhun, tos awon.. Naha beut dianggé kénéh? Isin Mah ku tatanggi, pan raksukan Emah gé seueur kénéh.." "Baju kabagja Emah ieu téh! Inget kénéh teu kumaha sajarahna?" "Sajarah? Henteu," Kuring kerung. "Euleuh, ngora kénéh geus diajar pikun! Kapan baju ieu téh nyai nu meuli, basa meunang lomba nulis di kelas dalapan. Nyai bélaan mangkat ka pasar soré pisan ngan jang meuli baju ieu.. Inget ayeuna mah?" Kuring unggeuk bari cirambayan.