Pas kuring datang, kasampak si Dodi keur saré kénéh. Naha ari ieu budak kana saré téh?
"Dod hudang! Tingali panon poé geus moncorong! Ari ieu kalah saré!" , teu némbalan.
Rét kana érloji, geus jam 8. "Ari manéh torék atawa naon? Teu sopan pisan kanu jadi bapa téh! Ohh.. Capé geus konvoi? Alesan! Batur mah ngalamar kuliah, ari ieu kalah saré! Hudang Dodi! Hudaaannggg!!"
Indungna nyampeurkeun, tuluy nangkeup kuring, "istighfar pa! Sadar! Dodi mah tos tenang di alam kalanggengan!"
Kuring jempé. Terus ngeukeupan nisan.
Komentar
Posting Komentar