Cinta Anjeun ka kuring mah kakapeungan. Sakapeung nyaah, nyaah pisan malah
katinggalina téh. Sakapeung deui kalah jiga miceun ka
kuring teh, api-api teu kenal. Ih, dasar si pikasebeleun!
Sakapeung mun tulisan kuring alus, Anjeun datang, curinghak, mawa lopé sagedé badag, mere surat kayas
nu éndah. Tapi mun kuring euweuh, sok tara
nanyakeun-nanyakeun acan. Naha teu sono kitu ka mojang geulis kieu?
Sakapeung deui mun majar tulisan kuring keur ancur, bororaah méré surat! Ku kuring
dikiriman surat ogé tara dibales! Ih, ku aya nya jelema model
kitu?
Mun rék dijauhan, Anjeun nyampeurkeun kawas anak
ucing, ngoconan. Mun keur majar kuring cinta, Anjeun les teuing ka mana. Ah, poé ieu mah kuring geus buleud! Lain pasagi, segitilu
komo deui kakarék garis. Pokona kuring poé ieu pisah jeung Anjeun!
Tapi, da nya, dasar Mr. Kakapeungan! "Would you marry me?" Anjeun
cingogo hareupeun kuring bari ngasongkeun ali. Ah, ingah!
Komentar
Posting Komentar